Teks Tarjamahan
Download file .pdf disini
Tulis tangan ada di file .pdf
Pangjajap
Anu dimaksud tarjamahan teh nyaeta mindahkeun eusi hiji tulisan anu ngagunakeun hiji basa kana tulisan anyar anu ngabogaan basa anu beda jeung basa tulisan asalna. Dina urang ngalakukeun tarjamahan, aya dua hal anu kudu diperhatikeun. Anu kahiji, kusabab hiji tulisan teh bisa disebut miboga nilai sastra, kukituna dina ngalakukeun tarjamahan, urang kudu bisa mindahkeun kaendahan nilai sastra anu aya dina tulisan asalna kana tulisan anu anyar.
Sedengkeun anu kadua, dina waktu ngalakukeun tarjamahan teh nyaeta kudu "satia". Harti satia nyaeta yen dina narjamahkeun teh ulah nepi ka aya tulisan atawa kalimah anu salah dina ngahartikeun atawa salah harti. Sabab umpama nepika salah dina harti atawa salah ngahartikeun tangtu pesen anu hayang ditepikeun dina eta tulisan bisa jadi salah nepikeunnana.
Tarjamahan oge sok disebut alih basa, nyaeta mindahkeun teks dina basa sumber (asal) kana basa sejen (anyar). Narjamahkeun disebut oge nyalin atawa mindahkeunhiji basa kana basa sejen. Kagiatan narjemahkeun the kacida pentingna, lantaran teu kabeh jalma ngarti atawa paham kana unggal basa anu dipake atawa digunakeun ku jalma sejenna.
Pancen
Dina pancen ieu, aya teks tarjamahan Basa Sunda karya R. T. A. Sunarya anu judulna “Saija” jeung teks tarjamahan Bahasa Indonesia karya Andi Tendi W. anu judulna oge “Saija”. Pek tuliskeun naon anu bedana sarta kira-kira ceuk hidep naon alesana bet aya perbedaan?
Jawaban
- - Teks “Saija” karya R. T. A. Sunarya nganggokeun Basa Sunda dina teksna. Padahal Teks “Saijah” karya Andi Tendi W. nganggokeun Bahasa Indonesia dina teksna.
- - Judul karya R. T. A. Sunarya nyaeta “Saija”, padahal judulna teks karya Andi Tendi W. mah “Saijah”. Aya parbedaan dina panulisan judul teks.
- - Dina karya R. T. A. Sunarya, aya istilah “sobat dalit” sanajan munding di Pulo Jawa mah kacida pisan iceusna. Padahal teks karya Andi Tendi W. mah teu aya istilah ti panulisna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar